Dinten salasa, tanggal 12 Nopember, MAN 2 Bogor indit ka Universitas Brawijaya anu aya di Kota Malang, jawa timur. Urang sadaya indit ka eta tempat make bis panorama. Sa bis teh eusina aya sakitar 47 jalmi. Nah kelompok urang sadaya teh kabagian bis nomer 8, anu dicampur jeung sabagian ti kelas agama. Urang sadaya indit ti hotel ibis style jam 8, nepi ka ditu jam 8.30. Di bis urang sadaya atos dipasihan inpormasi ku tour leader na lamun kelas ips teh ka bagian fisip, kelas mipa ka teknologi.
Nepi ka auditorium fisip, urang sadaya reuwas kusabab auditorium na meni kos bioskop. Tuluy we urang sadaya calik.
Urang sadaya teh ngadangukeun MC nu ngabahas tentang kampus eta jeung ngadangukeun sambutan ti bapa guru man2, sanggeusna antara pihak man2 jeung pihak kampus nyerahkeun cendramatana masing-masing. Nggeusna ngalanjutkeun ku sesi foto bareng-bareng.
Saentos ti universitas brawijaya, urang sadaya lanjut ka UIN Malang
Posting Komentar